teh dimana anjeun ayeuna… ieu opik dua dinten emut bae…
teh saurna anjeun ka bandung…
teh saurna anjeun kuliah…
teh saurna…..
sim kuring teu wasa duka paningal na ieu cisoca.. ngeyembeng
duka ngahelasna emutan ka teteh…
teteh nu tos ngajantenkeun opik tinimu deui caangna dunya
teteh nu tos ngajait sumanget pikeun ngahareupan kahirupan jaga…
teteh nu katingal emutna di antara kateuang…
teteh nu kadangu suantena dina mimbar d’wah
teteh nu kadangu suantena dina hate sanubari anu wening….
teteh nu mangkatna teu cumarios ninggalkeun hate nu kulambu diantara pasantren jeung sakola…
teh dina dinten kadua ieu teteh 3 tahun kapengker nyangcetkeun hate… mere sumanget…
dina poe kadua ieu teteh… masihan wejangan nu moal hilap… satutup umur
naha… dua dinten ieu emut bae ka teteh…
teh tos nikah teu acan…
opik ngantos waleran
teh ulah ngantep nya…
ieu emutan nganteng bae ka teteh
damang kitu teteh teh
atanapi udur…
kahatur kanggo bebene hate
dimana bae anjeun ayana..
eida nurkaryawati
garut, 16 Agustus 1986



