:: TAUPIK NURHIDAYAT ::

September 1, 2008

Ceuk Carita

Diarsipkan di bawah: CERITA — anoeri @ 10:19 pm

ceuk carita kuring teh rumaja, ceuk carita kuring teh generasi bangsa…
ceuk nyata memang kuring generasi bangsa
tapi kuring rumasa lahir ti kulawarga teu aya
teu aya keur dahar isuk lamun teu ngoreh ayeuna
teu aya keur cadangan rumah sakit lamun geuring ayeuna
komo mun geringna isukan
rumasa ari banda mah teu miboga
rumasa darma ngajalankeun amanah
rumasa ceuk aturan mah kudu dihandap
tapi… ceuk pangrasa mah kuring teh nyakola
ceuk pangrasamah pamarentah teh geus bageuran pisan
ceuk pangrasamah kuring teh asa juur ngungkapkeun eusi hate teh
ceuk pang rasa teu aya geuneuk geunteul pameunteu
namung duka kumaha…
asa  kuring teu boga ajen
asa kuring nu pang leutikna
asa kuring nu teu wasa
kuring teu wasa nyarita
kuring teu wasa mun kudu merbayaksa..
naha kuring kieu ya Allah…

dinten ieu dinten kadua kuring saom
hate geus ratug gegebegan teu puguh
emut ka si teteh…
emut ka si dede…
jol asa breh asa breh be ieu teh
naha nya….
emut kana tanggel waler ka    nagara
emut kana katugenah dina manah
cangkeul…. asa hanyang diecagkeun

mata geus teu asa buringas
daya geus teu aya pangawasa
duka…. naon ieu sababna

No Comments Yet »

Belum ada komentar.

RSS umpan untuk komentar-komentar dalam tulisan ini. URI Lacak Balik

Tinggalkan komentar

Blog pada WordPress.com.